Karangan Pedaran
1. Hartina Karangan Pedaran
Karangan pedaran téh nyaéta hiji wangun karangan anu eusina ngajelaskeun atawa
medarkeun hiji hal sacara écés, runtut, sarta dumasar kana fakta. Tujuanana
pikeun mere katerangan atawa élmu ka nu maca sangkan leuwih ngarti kana hal
anu dipedar.
2. Tujuan Karangan Pedaran
Mere katerangan anu écés ngeunaan hiji topik.
Nambahan élmu atawa pangaweruh ka nu maca.
Ngabantu nu maca sangkan ngarti jeung nyaho kana hiji perkara.
3. Ciri-ciri Karangan Pedaran
Eusina dumasar kana fakta, lain dongéng atawa rekaan.
Basa anu dipaké écés, langsung kana maksud.
Ngagunakeun data, conto, atawa katerangan anu merenah.
Disusun sacara runtut ti mimiti nepikeun pamadegan nepi ka kacindekan.
4. Struktur Karangan Pedaran
Biasana karangan pedaran boga tilu bagian utama:
Bubuka
Eusina ngenalkeun topik atawa hal anu rék dipedar.
Ngahudangkeun minat nu maca. Eusi / Pedaran
…